Rabu, 28 April 2010
mana nu bener
...cenah ceuk beja ari ngaran pamarentah teh abdi masyarakat,tapi asana ete teh tibalik..komo nempo ayeuna mah loba kajadian nu ngarugikeun masyarakat alatan pamarentah..timimiti merdeka nepi ka kiwari asa can aya unggulna..geus puluhan taun merdeka masih loba keneh jalma nu teu kaduga meuli beas-beas acan,cing lenyepan...naha pantes kitu jaman sakieu maju tur moderen katurug-turug di nagara nu sagala aya?..teu ngarti kuring mah saeutik oge..ieu mah lain pedah teu kabagean konca,da kanyataan...naha pantes rahayat leutik ngadahar beas raskin nu bedan kitu?...ngan hayoh bae rahayat teh dibebenjo keun ku itu ieu..samarukna tengtrem meureun nya ku kaayaan ayeuna?...jalma leutik mah estu sarwa kagencet..padahal mah kurang kumaha satuhuna kanu jadi pamarentah..ngan asana tara ieuh di pulang asih..geura titenan na telepsi..lolobana nu jadi korban teh rahayat2 keneh..nu matak mun seug nyieun program teh kudu lantip ulah sapotong2,puraga tamba kadengda,nu antukna jadi mamala kabalarea..jeung ongkoh da dinagara urang mah loba hama na deuih..hese rek benerna da pada2 mangpang-meungpeung..kapan nu ngagararong kakayaan nagara teh jalma gede..anu lolobana abdi nagara..jadi ulah heran lamun rahayatna oge narurutan,alatan ku pusing meureunan...jadi dina hal ieu para pangagung nagara kudu ngabenahan tindak-tandukna,malah mandar diturutan ku sakumna rahayat...dalah dikumaha oge ari rahayat mah ngabdi ka pamarentah..sanes kitu?...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar